Jumat, 06 Agustus 2010

Peribahasa dalam bahasa Sunda (Babasan jeung Paribasa)

Dina kahirupan sapopoe', basa Sunda teh pinuh tur luyu ku babasan jeung paribasa. Biasana kanggo negeskeun hiji pasipatan anu nerap ka jalmi atanapi kana kajadian dian kahirupan sapopoe'. Supados urang terang kana sajabana babasan jeung paribasa dina basa Sunda, ku kituna hayu urang sami-sami diajar sakedik-kedikeun.
  1. Adigung adiguna, anu hartosna takabur atanapi sombong
  2. Ambek nyedek tanaga midek , hartosna napsu gede tapi tanaga euweuh
  3. Anjing ngagogogan kalong, hartosna mikahayang anu lain
  4. Alak paul, hartosna teh jauh pisan
  5. Aya jurig tumpak kuda, hartosna aya milik anu teu disangka-sangka
  6. Awewe dulang tinande, hartosna awewe nurutkeun kumaha salaki
  7. Agul ku payung butut, hartosna agul ku turunan
  8. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed, hartosna ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
  9. Aya pikir kadua leutik, hartosna aya kahayang
  10. Adean ku kuda beuruem, hartosna teh ginding ku pakean meunang nginjeum
  11. Asa ditonjok congcot, hartosna ngarasa bungah pisan
  12. Birit aseupan, hartosna teh teu daek cicing
  13. Biwir nyiru rombengeun, hartosna resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur.
  14. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, hartosna sauyunan, ngariung babarenan 
  15. Bancang pakewuh, hartosna pikasusaheun
  16. Dogdog pangrewong, hartosna acara panambah
  17. Dagang oncom rancatan emas, hartosna teu saimbang
  18. Gindi pikir belang bayah, hartosna teh goreng hate
  19. Hade gogog hade tagog,  hartosna jalma sopan
  20. Hejo tihang, hartosna sok pundah-pindah pagawean atanapi teu matuh
Mung sakitu heula babasan sareng paribasa anu disanggakeun, da saleresna mah seueur pisan. Mudah-mudahan sim kuring masih dipasihan kasempetan kangge diajar sasarengan deui. Hatur nuhun kana perhatosanana.

1 komentar:

  1. hatur nuhunnya kang, abdi janten tiasa ngerjakeun tugas yeuuhh ...

    BalasHapus